Kumpulan Pribahasa (Babasan-Paribasa) Sunda II

1. Abong biwir teu diweungku, abong letah teu tulangan = jelema nu ngomongna sakarep arep,ngomong
teu jeng wiwaha
2. Adep hidep = kumawula (ka salaki)
3. Asa dipupuk birus = ngarasa tibra hate
4. Asa ditonjok congcot = ngarasa atoh dumeh meunang rejeki atawa pikabungaheun anu teu disangka-
sangka
5. Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas = kacida bungahna jeung kacida bagjana
6. Asa katumbu umur = ngarasa atoh ditulungan dina keur kasusahan
7. Asa nyanghulu ka jarian = teu ngenah rasa,lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun
pangartina atawa harkat darajatna.
8. A sa peunggas rancatan = leungiteun batur nu nalang dina pagawean
9. Asa rawing ddaun ceuli = mindeng ngadenge omongan nu teu ngenah
10. Atung eneh atung eneh = kitu-kitu keneh bae
11. Awak sabeulah = randa nu hirup imah-imah sorangan
12. Awak sasampayan = jangkung leutik atawa lenjang atawa jangjing, pantes make baju
13. Awewe dulang tinande = awewe mah biasana kumaha kahayang lalaki
14. Aya astana sajeungkal = datangna ajal mah teu gumantung ka umur
15. Aya bagja teu daulat = menang bagja tapi teu jadi kaberkahan atawa henteu tuluh meunang bagja
16. Aya di sihung maung = loba hubungan jeung gegeden, jadi babari meunang pitulung
17. Aya kelong newo-newo = aya nu ngusutkeun(ngarorocet) hiji perkara anu geus beres pisan
18. Aya nu dianjing cai = aya nudiheroan
19. Aya piker kapingburi = aya piker atawa rasa nu timbul pandeuri
20. Bias kabala kabala = bias campur jeung jelema ti rupa rupa golongan atawa bias digawe kasar jeung
lemes
21. Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun cece bocek jeung anu saenyana kudu dirusiahkeun
22. Bobo sapanon carang sapakan = teu puguh undak usukna,teu puguh entep seureuhna
23. Bobor karahayuan = katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah
24. Bobot pangayon timbang taraju = pangadilan, timbangan anu adil
25. Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya
26. Bodo katotoloyo = bodo jeung teu daek tatanya
27. Boga piker rangkepan = henteu bolostrong, henteu ujug ujug percaya kana omongan batur anu amis
28. Bogoh nongecang = bogoh sosoranganan, teu dilayanan, ambon sorangan
29. Bosongot bade amprotan = dipikagimir, pasemon jagoan
30. Bujang jengglengan = jajaka tulen sarta tegep
31. Bujang tarangna = lalaki nu can kawin geus teu bujangan deui
32. Buburuh nyatu diupah beas = diajar bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan
33. Buncir leuit loba duit = taya kakurang
34. Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang = hirup taya kakurang, salilana ginding
35. Buruk buruk papan jati = burung palung dulur sorangan = sanajan ngewa atawa ngambek ka dulur,
tapi ari menang karerepet mah teu weleh haying nulungan
36. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan = rido pisan, taya geuneuk maleukmeuk dina hate
37. Caang padang narawangan = caang piker
38. Cacarakan = kakara diajar, tacan bias bener
39. Cadu mungkuk haram dempak = sumpah yen bener-bener embung ngalampahkeun salahsahiji perkara
40. Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket = taki-taki ngajaga kaamanan
41. Ceuli lentaheun = sadenge-dengena, sanajan lain dengekeunana
42. Ceplak Pahang = satarabasna teuing, kajeun teuing matak teu ngenah kana hate batur oge
43. Ciduh jeung reyhak = sarua gorengna atawa sarua goring adat
44. Clik putih clak herang = rido, iklas, kaluar tina hate anu bersih
45. Deukeut-deukeut anak taleus = sakitu deukeut teu nyaho yen baraya atawa teu nyaho kajadian
penting padahal deukeut
46. Dibejerbeaskeun = dieceskrun, ditetelakeun, dijentrekeun nepi ka bubuk leutikna
47. Dibeuweung diutahkeun = dipikir dibulak balik
48. Didagoan ku seeng nyengsreng = didagoan ku pangabutuh rumah tangga atawa pangabutuh sapopoe
49. Dihin pinasti anyar pinanggih = sagala rupa nu kaalaman ayeuna, saestuna geus ditangtukeun
ti heula ku pangeran
50. Disuhun dina embun-embunan = ditarimakeun pisan
51. Ditangtang-tengteng dijieun bonteng sapasi = digulang gaper
52. Dogdog pangrewong = milu nyarita minangka estra
53. Dosa salaput hulu = loba pisan dosa
54. Dug hulu pet nyawa = digawe beurat meh taya eureuna
55. Elmu ajug = elmu nu teu dipake ku sorangan, ngan saukur mamatahan batur
56. Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna = hirup kudu bari nyiar elmu pikeun kasalametan
dunya aherat
57. Euweuh elmu panungtungan = elmu mah moal aya beakna sanajan nepi ka ajal oge
58. Galak sinongnong = mimiti aya sir ka awewe, tapi teu wani adu hareupan
59. Galak timburu = babari timburuan
60. Galegeh gado = sareseh, serewel, someah, akuan
61. Gede-gede ngadage = gede awak tapi euweuh kawani
62. Gede gunung panaggeuhan = boga baraya atawa sobat luhur pangkat, gede dunya anu dipake andelan
63. Gede hulu = adigung
64. Gemah ripah low jinawi = gegek cacah jiwana sarta raharja
65. Gentel keak = meh tara lesot (budak ti indungna)
66. Genteng-genteng ulah potong = sanajan hasilna teu sabaraha keun bae tinimbang luput
67. Gereges gedebug = ngalampahkeun pagawean teu di piker panjang heula
68. Getas harupateun = babari ambek
69. Geus aya dina pesak = kakeupeul, geus kanyahoan rusiahna
70. Geus aya kembang-kembangna = geus aya anu nimbulkeun harepan kana hasil nu dimaksud
71. Geus bijil bulu mayang = geus baleg
72. Geus cueut ka hareup = geus kolot, geus liwat tengah tuwuh
73. Geus karasa pait peuheurna = geus kaalaman sagala rupa nu ngenaheun atawa nu matak susah
74. Geus turun amis cau = geus mangkat beger ( awewe)
75. Gindi piker belang bayah = goring hate
76. Ginding bangbara = resep ginding jeung royal ngarah katingal ku batur
77. Ginding kakampis = ginding tapi teu boga duit
78. Goring peujit = goring hate
79. Goring sisit = goring milik
80. Gugon tuhon = kukuh, satuhu
81. Gulak giluk kari tuur, herang-herang kari mata,teuas teuas kari bincurang = asal beunghar jadi
miskin,teu boga naon-naon
82. Gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi = taya wates wangena
83. Gurat batu = kukuh, teguh tangtungan
84. Gurat cai = teu puguh jangjina, sok robah tangtungan
85. Hade gogog hade tagog = hade basa , budi parangi, jeung sikep ; nyaho tata titi

Istilah Patukangan

Patukangan teh nyaeta anu boga pagawean atawa anu purah migawe hiji pagawean .
Istilah dina bahasa sunda diantarana :

Anjun : tukang nyieun parabot tina taneuh
Amil,lebe : Tukang nuruskeun nu aya patalina jeung Agama di desa
Badaya : Awewe tukang ngigel di karaton atawa di kabupaten
Bujangga : tukang nyieun/ nulis carita
Barangmaen : Tukang jajaluk
Bengkong : Tukang nyunatan
Candoli : tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan (biasana awewe)
Dalang : Tukang ngalakonkeun carita wayang
Gending : tukang nyieun parabot tina kuningan
Indung beurang : paraji nu sok ngurus ngajuru jeung ngurus orok
Kabayan : tukang dititah ka dittu da dieu
Kajineman : 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
Kamasan : tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
Kabojengkeng : tukang ngagusur padati
Kulaer : kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncen : tukang ngurus kuburan
Legig : tukang ngasruk dina pamoroan
Lopor : Tukang ngagondeng jeung ngereunkeun kuda
Malim : tukang nalukkeun sasatoan
Masinis : Tukang ngajalankeun lokomotip
Maranggi : tukang nyieun landean jeung sarangka keris
Merebot : tukang nakol bedug
Nayaga : Tukang nabeuh gamelan
Nyarawedi : tukang ngagosok permata
O’ah : Jago Tukang ngagugulukeun teu ecreug
Pakacar : bujang, juru laden
Palatuk : iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
Paledang : tukang nyieun parabot tina tembaga
Palika : tukang teuleum (ngala lauk)
Pamatang : tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak)
Pamayang : tukang ngala lauk di laut
Panday : tukang nyieun parabot tina beusi
Paneresan : tukang nyadap
Paninggaran : tukang moro
Panyumpit : Tukang nyumpit
Sarati : tukang ngusir gajah

Istilah Pancakaki

Pancakaki the nyaeta perenahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kene<h

a. Rundayan atawa Turunan
• Anak, turunan kahiji
• Incu, turunan kadua, anakna anak
• Buyut, anak incu
• Bao, anakna buyut
• Janggawareng atawa canggahwareng, anakna bao
• Kaitsiwur, anak janggawareng

b. Ka luhur
• Bapa, lalaki nu boga anak, salaki indung
• Indung, awewe nu boga anak, pamajikan bapa
• Aki, bapana indung atawa bapa
• Nini, indungna indung atawa bapa
• Buyut, indung/bapa aki atawa nini
• Bao, indung/bapana buyut
• Janggawareng, indung/bapana bao
• Kaitsiwur, indung/bapana janggawareng

c. Ka gigir
• Adi, dulur sahandapeun
• Lanceuk, dulur saluhureun
• Emang/paman, adina bapa atawa indung (lalaki)
• Bibi, awewe adina bapa atawa indung
• Ua, lanceuk bapa atawa indung
• Alo, anak lanceuk
• Toa, anak adi
• Kapiadi, anakna emang/bibi
• Kapilanceuk, anakna ua
• Incu tigigir, incuna adi
• Aki tigigir, lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini
• Nini tigigir, awewe, adina atawa lanceukna aki/nini
• Ua tigigir, anakna lanceuk aki/nini
• Emang tigigir, anakna adi aki/nini (lalaki)
• Bibi tigigir, awewe, anakna adi aki/nini

d. Istilah Sejena
• Adi beuteung, adina pamajikan/salaki
• Dulur sabrrayna, dulur misan, anak paman,bibi atawa ua
• Dulur teges, dulur enya, saindung sabapa
• Indung tere, pamajikan bapa lain nu ngalahirkeun urang
• Bapa tere, salaki indung, lain nu ngalantarkeun urang lahir
• Anak tere, anak sampakan ti salaki atawa pamajikan
• Dulur pateterean, anak indung tere atawa anak bapa tere
• Cikal, anak panggedena
• Pangais bungsu, lanceukna bungsu
• Bungsu, anak pangleutikna
• Baraya laer, baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna
• Teu hir teu walahir, teu baraya saeutik eutik acan
• Bau-bau sinduk, baraya keneh, sanajan geus laer
• Dulur pet ku hinis, dulur teges
• Baraya, sakur nu aya pancakakina
• Karuhun, luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya lila heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang.

Tatarucingan Urang Sunda

1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara.
2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
6. Bangku naon anu bisa didahar?
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut!
8. Batu naon anu teu aya di cai?
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.
12. Hayam naon anu sukuna hiji?
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
15. Baso dibalikkeun jadi naon?
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
20. Naon sababna ban mobil tina karet?
21. Sapi naon anu bau?
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia?
23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
24. Pribumi di luar ari semah di jero.
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang.
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
30. Jam naon anu bisa nembang?
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
32. Pare naon anu teu ngeunah?
33. Jalma meuli kasur keur naon?
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?
35. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana?
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?
37. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.
38. Budak dugul asup kana embel.
39. Petina hiji, mayitna loba.
40. Kaca naon anu nyeri?
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap?
42. Kaca naon anu seungit?
43. Kaca naon anu pangbeuratna?
44. Hayam naon anu keur jengke?
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo?
46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui?
47. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna.
48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul?
49. Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang?
50. Kaca naon anu sok disada?

ie jawaban tatarucingan sunda na mank

1. Toge
2. Hayam keur pawey
3. Korong
4. Sabab banna buleud
5. Sato nu nukangan tembok
6. Bangkuang
7. Rujak
8. Batu garing
9. Oray nu ngalegleg linggis
10. Aki-aki make iteuk jeung kacamata
11. Cau
12. Hayam nu keur jengke
13. Kareta api
14. Gede bohongna
15. Bahe
16. Sireum make helm
17. Peureum
18. Piring bolong
19. Manuk anu katincak
20. Mun tina coklat pasti digembrong sireum
21. Sapiteng
22. Piringatan 17 Agustus
23. Manuk anu katincak
24. Tukang beca jeung panumpang
25. Tai kotok napel dina tihang listrik
26. Kacamata
27. Hujan-heujeun
28. Kalangkangna
29. Buahenol
30. Jamrud
31. Tinggal turunna
32. Parea-rea omong
33. Keur beunta
34. Kutu
35. Nyeri sukuna
36. Ku sendok
37. Keretas
38. Cilok
39. Korek api
40. Kacabok
41. Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung
42. Kacapiring
43. Kacalikan gajah
44. Hayam nu keur sondah
45. Bisa, lamun kiloanana ruksak
46. Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui.
47. Gitar
48.Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup
49. Sabab teu make kaca spion
50. Kacapi

China vs Sunda

A Lung Keun ( dibalangkeun )
Am ( dahar )
An Jing ( gogog )
Ba Chang ( leupeut eusi daging )
Babah ( bapa )
Ba Tok ( bagian anu paling teuas dina kalapa )
Bo Tak ( teu gagaduhan rambut )
Bo Lo Ho ( bodo )
Ba Le Dog ( ah ieu mah basa inggris meureun?)
Cha Bok ( gaplox )
Cha Lang Ngap ( tong dibuka bau….? )
Cha Pe Tank ( budak leutik karak bisa ngomong )
Cha Ran Cang Ti Hang ( wanci sore )
Cha Meuh ( biwir gemesin )
Chai Baw ( anu aya di solokan )
Chak Chak ( dulurna toke )
Chan A Ya ( inden , antry )
Chan Man Die ( bau dahdir )
Chang Ka Leng ( caruluk )
Chang Kang Chaw ( parab embe )
Chang Ke Nyer ( loba teuing gawe peuting )
Chang Kok Khan ( bibit mangga)
Chang Ku Du ( buah bau pisan )
Chang Ku Ri Leung ( manuk )
Chap Cay ( kadaharan tina sayur-sayuran )
Chap Ja He ( koret, medit )
Chi Bha Du Yut ( pabrik sapatu )
Chi Ham Phelas ( tempat jin meuli calana )
Chi Ka Dut ( kuburan cina )
Chi Ki Zing ( ngaran desa / kota di majalengka)
Chi Leu Peung ( belegug )
Chi Leuh ( tai panon, belek )
Chi Leun Cang ( cair kotor, disisi jalan ari tos hujan ageung )
Chi Lok ( kadaharan budak : aci dicolok )
Chi Reng ( kadaharan budak : aci digoreng )
Chi U ( leupeut tina aci jeung cau )
Ching Chang Chang ( embe kabur )
Ching Chang Ke Ling ( lagu )
Ching Chung ( guru nanya )
Cho Bian ( mangga raosan )
Cho Kor Baw ( canteungan )
Cho Le Nak ( katuangan, peuyeum dibubuy sareng gula kinca )
Chu Ra Ling ( sipat licik )
Chu Ru Luk ( buah kawung )
Tho Lo Heor ( Ngareuleuss )
Enci ( ibu, indung )
Encim ( parawan cina )
Heu Ay ( tunduh )
Hok Cay ( molohok bari ngacay )
Hu I ( akar nu bisa di dahar )
O Lo Le Ho ( leutik keneh geus kawin; keur gering salesma )
Ong Kek ( utah ) On To Hod ( pikakeuheuleun )
On Tha ( binatang di Arab )
Kyu Kyu ( judi ) Lha Hang ( cai aren )
Liang Cheuli Baw ( panyakit THT )
Le Nang ( leuwih naker tibatan bo tak )
Ma Ling Ping ( ngaran desa / kota )
Ma Ung ( dulurna ucing )
Nga Cay ( ngelay: banjir tina baham )
Nyi Chian Pochi ( pagewean babu )
Pa Hang ( rasana aneh )
Pe Chak ( panonna peureum sabelah )
Pek Tay ( … teuing naon ieu mah, can ka alaman ku sayah )
Peu Chang ( leupeut eusi kacang; sato nu sukuna opat )
Pha Ming Pin ( dunungan )
Ping Ping ( luhureun tuur, handapeun eta tea… )
Siang Siang Maling Seng ( euweuh gawe,beurang?maling)
Sing Sing Keun ( arek gelut / wcw )
Taw Cho ( oleh-oleh ti cianjur )
Tham Pi Ling ( gaplock )
Tham Po Long ( wadah reuhak )
Tho Lom Bong ( wadah oge )
To Ong ( ningali tina liang leutik )
Toke Chang ( lagu oge )
Tong Li La ( enggalkeun )
Tong To Lang ( nangka – kawinan bapak – teu beja?- poe salasa… )
Tu Ang ( ngalebok )
Tung Tung Seng ( seukeut pisan )
U Ching ( dulurna maung )
Yap La Hun ( budak ceurik )
Go Cex An (Nyekelan si A’an)
Li Cin Lo (so so rodotan)
Ti Ang Gie Lox (rada aya’an iye mah)
Ti Ang cay (Ngajual cai)
Om Phong (waosna tos caroplok)
Li Ang Thai (paragi ee)Li Ang Hong (Gorong-gorong)
Bu Lu An (pinuh ku bulu)
Can Ha Yang (teu nararafsu, teu aya selera)
Thai Khothok (bau, jiga sambel tapi teu lada “naha apal teu lada?”, awas ulah dimamam)
Ka thin chak (terinjak),
Lauk khan cra (Ikan Mas),
Bu Luk Khan (basi),
Baw wu ha peuk (aroma tidak sedap),
Sang Ki Lang (walaupun),
Cingng cuang cang cang (diikat tali),
Tha Li Kwuthang (paragi ngabungkus buah pepaya),
Khang Khung (Sejenis sayuran),
Khu Chu Bung (sejenis kembang/tumbuhan nu sok dipake mabok ku babaturan akang heuehuehueu)….
Menhuwa (mencret wae)
Tampho long (kaleng/batok paragi wadah ciduh)
Kan Ching (hiasan/pamageuh baju)
Thai Phi San (Waduk siah!)
Cha Ching Kha Lung (obat kasakit Tipes)
A Lung Bho Yong (dioper kaditu kadieu)
Chu Lang Chi Leung (arek maok hayam….)
Su Wing (biwirna nyengir wae),
Jeng Kho Leun (nyeri kahampangan) = Jeung jweu riheun
Kop Lhok (Kehed!)
Hun Kuwe (Kueh lapis)
Tambahan referensi ti Kang Oni Thea :
Cha pei tang (pinter ngomong)
Tai kho thock (Ee ayam)
Chang geh gar (ayam hutan)/Cangegang hese dahar!
Nyien tu lak (Buat kunci pintu)
Ling lung (Nyasar/gak tahu jalan)
ping ping ko neng=biasanya buat paha cewe
Cheng ce leng an (tabungan)
Lung lay ( Lemas)
Chung cu rungan/Thung ghir (Tulang ekor)
Tha khok khak (Sejenis leunca)
Chang cut (CD aww)
Lie sung (Buat nutu)
Nyeng sol (gak lurus)
Cing caw (dicampur es serut + gula kalapa raos) jiga na mah.

lirik lagu sunda

*DADALI MANTING*

Dadali manting tipeuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu lawas ilang
Baturna duka kamana
*
Dadali manting tipeuting
Ngalayang kapileumburan
Hate duh kapigandrung
Nu ilang kawas nu pundung
Reff:
Memang bongana manehna
Kacidana samokaha
Kaduhung sagede gunung
Kumaha nya pilampaheun

Dadali kabawa angin
Teu wasa nandangan lara
Tos teu kadenge deui sorana
Boa..Boa..Boa..Boa…
Tapi palias teuing..

Uih deui ka: *, reff

*KABOGOH JAUH*

Boga kabogo jauh
Mentas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon

Kuring di pulau jawa
Manehna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via SMS-an

Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu

Tiap SMS-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna

Boga kabogoh jauh
Meuntas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon…

Lagi

Istilah-istilah nu patali jeung Sato

1. Ngaran anak-anak sato
• Aom, anak lancah
• Aum, anak maung
• Badal, anak kancra
• Bangkanang, anak banteng
• Boyong, anak boncel
• Begog, anak monyet
• Begu/bebenjit, anak bagong
• Belo, anak kuda
• Bilatung, anak ucing
• Bocokok, anak buaya
• Boncel/kocolan, anak deleg/gabus
• Bonceret, anak keuyeup
• Ceme, anak embe/domba
• Buruy, anak bangkong
• Cingok, anak bogo
• Ciak/pitik, anak hayam
• Eneng, anak munding
• Hileud, anak kupu-kupu
• Kebul/burayak, anak lauk
• Kirik/kicik, anak anjing
• Kini-kini, anak papatong
• Kuar, anak kutu
• Kuuk, anak bangbung
• Leungli, anak lubang
• Menel, anak gajah
• Nanahaon, anak lele
• Nener, anak bandeng
• Pedet, anak sapi
• Piyik, anak japati
• Kuntit, anak belut
• Utek-utek, anak reungit

2. Sato-sato nu ngarugikeun

• Bajing, ngarusak tangkal kalapa
• Walangsangit, ngarusak tangkal pare
• Reungit, nyebarkeung kasakit malaria jsb
• Beurit, nyebarkeun kasakit pes
• Laleur, nyebarkeun kasakit nyeri beuteung
• Cucunguk, nyebarkeun kasakit nyeri beuteung
• Careuh, maling hayam jeung buah kopi
• Cocodot, ngahakan bungbuahan
• Kalong, ngahakan bungbuahan
• Bagong, ngarusak tutuwuhan
• Cacing pita, ngarusak usus
• Piit, ngarusak pare
• Sero, ngahakan lauk dibalong
• Bangbuung ranggaek, ngarusak tangkal kalapa
• Keong emas, ngarusak pare
• Wereng, ngarusak pare

Previous Older Entries

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.